Sony Xperia X Performance - Ngaduplikasi layar alat Anjeun kana TV teu nganggo kabel

background image

Ngaduplikasi layar alat Anjeun kana TV teu nganggo kabel

Anjeun tiasa nganggo fitur Pangeunteungan layar jang nembongkeun layar alat Anjeun di

TV atawa pintonan lega sejenna tanpa make sambungan kabel. Teknologi Wi-Fi Direct™

ngadamel sambungan nirkabel antara dua alat, jadi Anjeun bisa diuk jeung nempo poto

paporit Anjeun tina sofa Anjeun. Anjeun tiasa oge make fitur ieu pikeun ngadengekeun

musik ti alat Anjeun liwat speaker TV.

Basa make pangeunteungan layar, kualitas gambar kadang-kadang tiasa kapangaruhan

negatip upami aya gangguan ti jaringan Wi-Fi sejen.

Cara nyieun pangeunteungan layar alat Anjeun dina layar TV

1

TV: Turutan parentah dina Buku pituduh TV Anjeun pikeun ngahurungkeun pungsi

Pangeunteungan layar.

2

Alat Anjeun: Tina Layar mimiti anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Sambungan alat > Pangeunteungan layar.

4

Ketok

Mimiti.

5

Ketok

OK terus pilih alat.

TV Anjeun kudu ngarojong pungsi pangeunteungan layar dumasar ka Wi-Fi CERTIFIED
Miracast

supados pungsionalitas bisa jalan. Upami TV Anjeun teu ngarojong

pangeunteungan layar, Anjeun bisa wae kudu meuli adapator layar nirkabel sacara papisah.

Oge, lamun make Pangeunteungan layar, ulah nutupan wewengkon anteneu Wi-Fi alat anjeun.

Cara ngeureunkeun pangeunteungan layar di antara alat

1

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Sambungan alat > Pangeunteungan layar.

3

Ketok

Pegat smbngn, terus ketok OK.